“Eeeeh, siah entog teh meni hese2 teuing ditewak nya. Geus nyaho ceuk dunungan maneh kudu ngampih!”
Gujubaaaaar!!!!! Wa Fhir ngajleng ka balong, api-api ngaboro entog nu keur ngarojay. Entog-entog panik.... da disangkana Wa Fhir rek melakukan perbuatan tidak senonoh dua nonoh ka kaum manehna. Atuh entog ngojay menyelamatkan diri. Kalakuan entog kitu teh, atuh asa beuki resep Wa Fhir mah. Beuki aya alesan keur ngaberesihan nu narapel na sarung.
“Waaaaaaaaaaaa!!!” Ceu Rat ngageroan bari cumentil. Manehna ngahaja ayeuna mah make nyarande sagala na tangkal kalapa, “Waaaaaaaa.... nuju naon? Neng teu diajakeun yeuh. Neng ge apanan hoyong... ngiring ngojay sareng Wa Fhir! Iiih... si Uwa mah sombong linci-linci. Nuju naon Wa?” tanya Ceu Rat bari bari moles lipenstip. Terus muka tasna. Ayeuna beralih nyandak sedow. Terus nyandak blas on... terus nyandak areng!
Wa Fhir nu jibrug langsung hanjat ti balong.
“Aya naon geulis?” tanya Wa Fhir bari ngangseuan sarungna.
“Aaah.. Wa Fhir mah apanan tadi Neng ka bumi Wa. Tapi teu aya sasaha. Nya Neng ka dieu we. Ieu apanan bade ngajak bisnis tea. Itu saurna aya nu bade ngical tanah 2 x 40 meter di landeuh!”
“Hah? Keur naoneun taneuh 2 x 40 meter?”
“Apanan bade bisnis gang!”
“Lah, engke wae nya. Uwa tiris keneh yeuh. Mending ka bumi Uwa heula yuk! Uwak bade ibak heula....”
Ahirna eta dua manusia berlainan jenis teh leumpang pageye-geye menuju rumah Wa Fhir. Geus nepi imah, Wa Fhir langsung nyieun api unggun di tengah imah. Ceu Rat mah langsung ngagoler na jero lisung bari nangkeup halu.
“Wa, kumaha nya ka Kang Toto teh? Jigana manehna meni keukeuh kapengpeongan ka abdi!”
“Lah, tong didenge Kang Toto mah. Dia mah lagi kumincir!” Uwa ngabebener suluh api unggun. Haseup mulek di jero imah.
“Geus Neng tong dipikiran. Ayeuna mah mending Neng Rat milu yu ka Ceu Aliyaa! Manehna hayang kaanjangan saurna teh!” ajak Wa Fhir bari nyeblok api unggun ku cai saember.
Ceu Rat jeung Wa Fhir ka imah Ceu Aliyaa. Katingal Ceu Aliyaa bangun nu sibuk mereskeun hasil nyieun kueh di tengah imah bari ngahariring lagu “Cucakrowo” versi sabulangbentor.
.....
Iki piye iki piye iki piye,
Iki piye sepedaku roda dua,
Prawane yen mbengi nagis wae,
Amargo wedi karo manuke
Manuke manuke cucak rowo,
Cucak rowo sepedaku roda dua,
Buntute sing akeh wulune,
Nek digoyang ser-ser aduh enake...
Tah pas bagean “Nek digoyang ser-ser aduh enake!” Nyanyi “ser..ser”-na teh bari ngageol bangun nu ni’mat!
“Ceu! Nuju naon?” tanya Ceu Rat ka ceu Aliyaa.
“Ieu, nuju kieu we Ceu Rat. Bade nyobian? Euleuh, geuning sareng Wa. Mangga kalebet Wa!”
Ceu Rat jeung Wa Fhir asup. Teu lila maranahena jug langsung we tuang kueh hasil buatan Ceu Aliya.
“Naha Ceu Rada hapeuk kieu?” tanay Wa Fhir bari muranyin ngangseuan kueh.
“Iiih... ari Uwa atuh. Eta mah kueh kadaluarsa. Sesa minggu kamari!”
“Beu, jaba geus beak lima huap!”
“Abdi oge Ceu!” saur Ceu Rat bari pias.
Bener we. Atuh, teu lila maranehna nyepengan beuteung. Ceu Rat nyepengan beuteung Wa Fhir. Kitu oge sabalikna, Wa Fhir nyepengan beuteung Ceu Rat. Teuing ah maksudna.
“Duuuh. Mules yeuh?”
“Laaaah aing mah. Atuh naha datang-datang jug langsung panyakitna kieu? Boa-boa karacunan?”
Wa Fhir jeung Ceu Rat wajahnya pias dan keluar kesang tiis. Bener ieu mah kueh kadaluarsa teh peurahan pisan. Untung keur Ceu Aliyaa riweuh kitu teh, Mang Wawan jeung Omy liwat. Niatna mah maranehna teh rek ka sawah masangkeun kolecer jeung bebegig.
“Mang Waaan.... Omy bantuan yeuh!!!” Ceu Aliya hariweusweus, “Bantuan mawa Ceu Rat jeung Wa Fhir ka Pukes!” Ceuk Ceu Aliyaa nyebut Puskesmas maksudna mah.
“Mangga Ceu!” Mang Wawan jeung Omy rikat mantuan Ceu Aliya.
Antukna kusabab hese dibawana. Nya kapaksa digandong. Mang Wawan ngagandong Ceu Rat. Omy ngagandong Wa Fhir.
Singket carita, nepi we maranehna ka Pukes tea. Di dinya aya Dokter Yayan jeung Dokter Alida keur bagean jaga.
“Euleuh, aya naon ieu teh?” tanya Doklid, “Cik, Dokyan... siapkeun alat pacu jantung!”
“Embuuung aing mah! Da lain jantungan... nyeri beuteung yeuh!” Wa Fhir nyentak.
“Ke...ke mending bawa heula ka ruang praktek. Wios Doklid ku abdi we urang pariksana! Bilih keuna flu bagong!” Dokyan langsung nitah Mang Wawan ngagolerkeun Ceu Rat. Ceu Rat humarurung nahan nyeri beuteung. Ari Wa Fhir? Angger we digandong ku Omy... bari nyerengeh! Napel na tonggong Omy jiga prangko.
“Mangga Ceu Rat... buka acukna! Ke, urang pariksa make stetoskop!” kadenge sora Dokyan ti ruang praktek nu ditutupan kain.
“Mangga.... dengan senang hati!” Ceu Ceu Rat nurut. Nu di luar ngan pati olohok!
(teu perlu dicaritakeun. Nu penting mah dipariksa we ku Dokyan tah Ceu Rat teh!)
Teu lila Ceu Rat ka luar bangun nu bungah. Memeres rambut sareng acukna.
“Nuhun dok... tos dijeksi mah rada harampang yeuh patuang teh!” Ceu Rat ngadadak genit ka Dokyan. Dokyan mah olohok semu memerah mukanya teh.
Ayeuna bagean Wa Fhir. Langsung diturunkeun ku Omy.
“Wios ku abdi dipariosna Uwa mah!” saur Doklid bari ningalikeun Wa Fhir nu humarurung na luhur kasur pariksa.
“Yes... pasti dititah muka baju ku Doklid yeuh!” gerentes hate Wa Fhir.
Teu lila, Doklid siap mariksa Wa Fhir.
“Mangga buka bahamna Wa!”
“Hah? Naha teu muka baju dok?” tanya.
“Eeeeh nya, rek ngalawan ka dokter? Hayang disunatan deui, hah?!” Doklid nyentak asa disepelekun jadi dokter mangtaun-taun, karek ayeuna aya pasen bangkawarah.
Wa Fhir ahirna nurut. Bari beungeutna murukusunu. Wa Fhir calawak aya kana 17 menit mah... nepi aday! Doklid terus mariksa.
“Euh, ieu mah atuh karacunan biasa. Sugan teh parah! Ku nuang areng ge cekap!”
“Ih, teu rame pisan mariksa teh!” Ceuk Wa Fhir.
“Naha palay rame? Mangga atuh palay rame mah. Mangga nonggeng,” Ceuk Doklid. Wa Fhir buru ngalaan calana, terus nonggeng. Bari tetep nyerengeh! Hatena mah bungah, teu burung geuning pelayanana leuwih ti Ceu Rat nu muka baju wungkul, ieu mah make muka calana!
“Keun urang dijeksi!”
Wa Fhir ngorejat luar biasa. Teu nyangka rek ditojos imbitna ku Doklid.
“Ulaaaaaaaaaaaaaah dok! Aing mah kajeun dikadek daripada disuntik mah!” Wa Fhir sieun, da ti saumur Tarzan Cilik ge paling sieun dijeksi teh. Tapi telat, jarum suntik geus nanceb.
“Hoaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaa!!” Wa Fhir ngagoak bari langsung luncat. Manehna kaluar ti Pukes, bari suntikan masih keneh ngagagagantung nanceb na imbitna. Nu sanes mah ngan pati olohok ningali kalakuan Wa Fhir kitu teh.
Dicutat tina www.ngadubako.com
Tidak ada komentar:
Posting Komentar